Ngahudangkeun Pancawaluya: Etos Sunda di Ambang Lupa !

An old Sundanese
An old Sundanese

Penulis : Sumarna Surapranata, M.S, Ph.D (Kang Pranata)

Atikan sareng budaya Sunda kalebet Sunda wiwitan? Heunteu Islami? Walahualam.

Ayeuna, kanggo murangkalih generasi Z (lahir 1995-2009) sareng generasi Alpha (lahir 2010-2024) khususna anu lahir di kota, tos isin ngagunakeun basa Sunda. Dina nikahan oge pengiringna tos ngangge band. Isin saurna ari dina acara nikahan nanggap degung teh. Tos kolot saurna teh.

Ilustrasi antar generasi

Komo deui engke marulangkalih jaman generasi Betha (lahir 2025-2039) sigana atikan jeung budaya Sunda sigana, sigana sakali deui, tinggal Sejarah, kaasup basa Sundana oge tinggal carita. Sigana sakali deui. Mudah-mudahan we heunteu tinggal carita, da aya anu ngarawatna disntawisna Prof Ginanjar, Prof Amin, kang Taufik, ceu Ida jrrd.

Sim kuring oge ngaraos dosa, gaduh budak lalaki mungkul tilu, bubuhan hirup di Betawi, teu aya anu lancar basa Sundana. Salah sim kuring etamah. Nembe ayeuna diajar deui basa Sunda, bari jeung maksa ka barudak jeung incuteh.

Di WAG ieu, punten anu kasuhun, ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, bilih lepat, sabaraha jalmi anu masih emut keneh kana 17 pupuh ti ngawitan Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Juru Demung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong, Kinanti, Sinom, Asmaranda, Dangdanggula. Sim kuringmah teu hapal.

Kanggo pupuh asmarandana dihandap ieu? Dilaksanakan di bumina masing-masing? Sim kuringmah heunteu!

Ngariung di tengah bumi
Pun biang sareng Pun Bapa
Jisim abdi calik mando
Husu ngupingkeun pituah
Piwejang ti anjeunna
Pituduh laku rahayu
Piwejang sangkan Waluya

Éling éling murangkalih
Kudu apik jeung berseka
[Ulah odoh ka pangangggo]
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soék geuwat kaputan
Ka nu buruk masing butuh
[Ka nu anyar masing lebar]

Mangga urang guar sakedik kumaha ngalarapkeun budaya sareng atikan Sunda contona dina pembelajaran di sakola kanggo nguatkeun karakter marulangkalih. Sakaterang abdi, karakteristik & kepribadian masyarakat Sundamah dikenal sebagai masyarakat anu ramah-tamah, murah senyum, lemah jeung lembut, periang, oge hormat pisan ka sepuhna atanapi anu sepuh.

Suku Sunda kagungan slogan sekaligus janten filosofi hirup masyarakatna, diantawisna Soméah jeung hade ka sémah anu ngandung hartos ramah, hadé sikap, ngajaga, ngalayani jeung nyadiakeun/ngajamu, sarta mengbagjakeun sakum jalma anu datang ka imah (daerah) urang. Ciri khas masyarakat Sunda dina interaksi jeung komunikasi antarsesama ngagunakeun basa punten jeung mangga. Istilah punten ngandung harti kerendahan hati, sementara istilah mangga ngandung harti mempersilakan, penawaran, ajakan, jeung permohonan. Di lemburmah lamun aya jalma ngaliwatan batur teu punten sok disebutna hayam. Da hayamah teu bisa nyebut punten.

Saur sepuhmah Etos jeung watak budaya Sunda paratos dilarapkeun ti zaman Salakanagara nyaeta kerajaan Sunda pangkolotna di Nusantara. Melalui etos jeung watak anu turun temurun eta, masyarakat Sunda jadi sejahtera jeung makmur selama kurang lebih rebuan tahun katukang.

Ayeuna? Barudak Sunda boro-boro bisa nyebut punten jeung mangga, ngakiwat oge hare-hare siga hayam. Leuwih bangga komunikasi make basa Indonesia atawa basa deungeun daripada make basa Sunda. Tah kumaha lamun geus kitu? Indonesia emas éngké, sigana basa Sunda tinggal carita sakumaha anu didugikeun ti payun.

Etos jeung watak budaya Sunda anu geus dilarapkan diantarana Pancawaluya Sunda Wiwitan? Ah lain ceuk sim kuringmah.

Keur Pendidikan dasar & menengah mah bisa diterapkeun di sakola anu pelaksanaana kudu silih asih, silih asah, jeung silih asuh antara sesama warga sakola.

Cageur: ngandung harti sehat jasmani (kegiatan pencasilat, jaipongan) jeung rohani réligius (membaca al-quran di jam awal sakolah, kegiatan kultum, jrrd)

Bageur: ngandung harti sehat berakhlak mulia, beretika, disiplin, komunikatif, gemar membaca, peduli lingkungan, jeung peduli sosial

Bener: ngandung harti sehat jujur, bertanggung jawab, toleran, rasa ingin tahu, semangat kebangsaan, cinta tanah air, menghargai prestasi, jeung cinta damai,

Pinter: ngandung harti cerdas, literat, jeung demokratis

Singer: ngandung harti sehat, tangguh, kreatif, dan terampil, suka bekerja keras, jeung mandiri

Mangga etamah nyanggakeun kanggo bahan diskusi. Sanes bade mapatahan ngojay ka meri. Punten basa Sunda campur aduk teupuguh. Para inohong di WA ieu tangtos langkung paos sapertos Prof Ginanjar, Prof Amin, sareng pupuhu Kang Taufik, jrrd.
Pamungkas, mangga nyanggakeun naha ieu kalebet naon? Sunda wiwitan?

Muji jeung Sholawat ka Nabi


Nabi urang sarerea
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab kures nya bangsana
Ramana Sayid Abdulloh
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeun di Mekah
Wengi senen tauh gajah
Medal Nabi akhir jaman
Pisan-pisan ka anehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada raruksakan

Kaum Muslimin


Hai dulur kaum muslimin
regepkeun ieu syiiran
manawi tamba lumayan
malahmandar-malahmandar
janten jalan kabagjaan
Lamun aya waktu lowong
enggal eusi ulah lowong
pilari elmu nu luhung
ulah embung-ulah embung
meungpeung umur acan nungtung
Tong nganggur ngahurun balung
bisi di ahir kaduhung
hirup ngaguru kaembung
geura eling-geura eling
ka jalan Allah Nu Agung

Bawaeun ka Jero kubur


Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul
Hiji sodakoh jariah iklas kerna Allah
Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat
Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun te weleh-weleh
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim

Cag.

Leave a Comment

Your email address will not be published. Required fields are marked *

Scroll to Top